Search lyrics

Typing something do you want to search. Exam: Artist, Song, Album,Writer, Release Year...
if you want to find exactly, Please input keywords with double-quote or using multi keywords. Exam: "Keyword 1" "Keyword 2"

Singles


Artist: Starsoulja
Total songs: 1
Year:

List songs in album

  1. Ndag-ndagan (cicilalang)

Ndag-ndagan (cicilalang) Lyrics - Singles - Starsoulja

[Chorus]: 

cicilalang seer sosorodotan 

aya ucing hey nya dikarungan 

sorong ke kiri sorong ke kanan 

eee domba nini carkencarkeun 

 

cicilalang seer sosorodotan 

aya ucing hey nya dibajuan 

alung ka luhur alung ka handap 

eee pendak mantan dag endagan 

 

[Verse 1]: 

make rok make jeans ulah isin 

lamun isin maneh geura kawin 

lamun rada eungap sok geura ngarenghap 

dangukeun heula ieu ujang ujang sakedap 

 

get up stand up urang mening luncat 

lamun boga feeling maneh ulah cicing 

wek gerewah lamun panggih jeung mantan 

pek rareuwas jang asa neunggar cadas 

 

montong serius kade ah emut ka mantan 

bigidi baheula keur jaman paduduaan 

eeh jang tong kamalinaan 

eeh jang mun cucus tong dipotoan 

 

kkomo mun istrina ntos tunangan 

ntos bebesanan tuluy di antep olangan 

ditinggal kawin ku mantan dag ndagan 

dang endagan... 

 

[Chorus]: 

cicilalang seer sosorodotan 

aya entog hey nya paraban 

sorong ke kiri sorong ke kanan 

eeeh entog aki ditumpakan 

 

cicilalang seer sosorodotan 

emut mantan hey jaman dikosan 

tangkeup ti kiri,tangkeup ti kanan 

eeeh poho deui geus tunangan 

 

[Verse 2]: 

sisilalang sisindiran 

sisirangan sisingasan 

sisingaan sisimaan 

sisimpangan sisingsatan 

 

ieu lagu ngan saukur banyolan 

ulah sensian heuheureuyan 

sanes tilang gabungan 

 

eta neng di dago asri dikeceng 

wios sanes tipe abdi ge 

nu penting keur saheng 

del gobal gabel eta panon tos belel 

duh kumaha hilap da hate mah masih nangkel 

 

tos nu atos mah atos 

da mantan maneh tos ngaleos 

permios sawios sing seueur artos 

geura digentos nyeri nya jang karaos 

 

digidi kum para saderek 

kami tong digidi dicarek 

bisa migidi mewek 

tetenjoan jadi bigidi poek 

 

sigidi siga si kesrek 

bigidi babakan komplek 

jago kerek pinter kodek 

ih bau kelek 

 

[Chorus]: 

cicilalang seer sosorodotan 

aya ucing hey nya dikarungan 

sorong ke kiri sorong ke kanan 

eee domba nini carkencarkeun 

 

cicilalang seer sosorodotan 

aya ucing hey nya dibajuan 

alung ka luhur alung ka handap 

eee pendak mantan dag endagan